1 Tanti Astoriny, 2019 STRUKTUR JEUNG AJÉN ATIKAN KARAKTER DINA NOVÉL DÉN ANGOR JEUNG PUTRI MONYÉT PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI NOVÉL DI SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Gambaran kahirupan manusa salaku mahluk sosial éstu matak ngirut jeung ngainspirasi pangarang pikeun nyiptakeun hiji carita dina wangun karya sastra. Ieu perkara, sajalan jeung sawangan Jobrahim, ed (dina Haerudin jeung Koswara, 2017, kc. 6) nu nyebutkeun yén sastra téh némbongkeun gambaran kahirupan, nu mana éta kahirupan téh mangrupa hiji kanyataan sosial. Salah sahiji karya sastra anu ngagambarkeun pasualan dina kahirupan sapopoé manusa nya éta novél. Papasingan novél dumasar kana ségmén pamacana kabagi jadi tilu, nya éta novél budak, novél rumaja, jeung novél déwasa (Isnendes, 2017, kc.3). Judul novél pikeun budak salah sahijina nya éta novél Dén Angor jeung Putri Monyét. Novél Dén Angor jeung Putri Monyét mangrupa novél anu ditulis ku pangarang anu geus tilu kali dilélér “Hadiah Samsudi” pikeun carita barudak, nya éta Dadan Sutisna. Ieu novél medal dina jaman generasi milenial nya éta taun 2017. Medalna ieu novél téh mangrupa salah sahiji cara sangkan karya sastra Sunda henteu leungit ku ayana kamekaran jaman anu beuki modéren. Lantaran generasi ayeuna mah geus mimiti mopohokeun karya jeung budaya bangsana sorangan sarta leuwih resep kana kabudayaan bangsa dengeun. Novél Dén Angor jeung Putri Monyét nyaritakeun lalampahan dua budak, anak jalma miskin. Nu hiji kasohor bangor, nu hiji hayang ngarobah nasib kolotna. Kolotna nyaéta tukang dogér monyét. Ari budakna miharep sangkan bapana ganti pagawéan, lantaran ku pagawéan éta bapana kungsi urusan jeung pulisi. Sajaba ti éta, budakna karunyaeun ka monyét anu unggal poé digawékeun ku bapana. Éta dua budak téh ngarandapan kajadian ahéng nya éta ngimpi ngalalana ka tempat anu can kasaba sarta tepung jeung sasatoan anu sok kacaritakeun dina dongéng. Tina lalampahanna éta, duanana meunang pangalaman sarta pangajaran hirup. Unggal karya sastra, kaasup novél Dén Angor jeung Putri Monyét tangtu miboga pesen moral jeung ajén-inajén anu bisa dilarapkeun dina kahirupan brought to you by CORE View metadata, citation and similar papers at core.ac.uk provided by Repository UPI