Nikah Make Adat Sunda (Sakumaha di tuliskeunna tina buku Modana) Ditulis ku: Gilang Agus Budiman, Intan Kartika, Jawad Mughofar KH Mimitian Di jaman anu rea ku ka modernan. Seer pisan masyarakat Indonesia anu mika poho kana budaya na sorangan. Hususna budaya Sunda, hiji conto seueur katinggali ku urang sadaya upami aya anu ngalaksanakeun nikah. Sadaya anu di contokeun ku sepuh urang teh tos teu nerap deui. Hampir sadayana kalakuan teh ngiblat kana budaya eropah nu di barat tea. Sarupaning, nikahan teh kedah pake gaun panjang tur beurat nu endah katut mewah. Di sampurnakeun ku ngalaksanakeunna di gedong. Upami teu kawasa nikahan di gedong, di palataran imah oge tetep keneh we kitu. Poho kana adat tur budaya. Dina ngjaga eta budaya, aya hiji buku anu masih merhatikeun kana kumaha carana meh urang bisa ngamumule budaya sunda, hususna dina nikahan. Mimiti diterbitkeun ditaun 1977 ku PT. Mangle Panglipur, nu eusina teh ngajentrekeun Upacara-Adat (Sunda) sapertos: seserahan, ngeuyeuk seureuh, nyawer, bantayan, huap-lingkung jsb. Ieu buku dinamian “modana”, kumargi ngabantun kecap nu aya di Baduy, hartos rangkepanana ngabesanan. Teu teubih ti Bebesanan di Pasundan. Literatur sanes ngajentrekeun yen modana teh tina basa Sangsakerta, anu ngagaduhan hartos: suka, bungah, gumbira, cinta, kacintaan, asih, kakasih, jsb. Modana ngagaduhan kapanjangan ti “modanakarya”, hartosna: padameulan nu husus nepagkeun cinta ngajadi nyata. Baheula upami bade ngalaksanakeun nikahan, kantenan anu ngajejeran atanapi ngagulungan eta upacara teh kedah ka anu uninga, kedah ahlina tur ngartos kumaha carana. Supados henteu nguciwakeun ka nu ngalaksanakeun katut nyaksianna. Mung di jaman kiwari mah anu di sebat ahlina teu kinten kirangna. Kawuwuh dina mendakna oge tacan tangtos tiasa dipuntangan. Bari komo di jaman aeuna anu rea pisan paham liberalna. Kusabab kanyataanna sapertos kitu, anu nyusun buku Modana: R. H. Uton Muchtar & Ki Umbara ngagaduhan pamaksadan tur wawantunan kana nyusun buku Modana. Kalayan maksad sasieureun-sabeunyeureun manawi aya gunana ka sugri anu mikabutuh, sakadar ulah nolog teuing dina prakna ngalaksanakeun upacara-upacara adat modana. (1977:1)