1 Herlina Febriani, 2017 NOVÉL BABALIK PIKIR KARYA SAMSOED I PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA NOVÉL D I KELAS IX SMP Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan Taun 1932, penerbit Balé Pustaka medalkeun hiji novél karya Samsoedi anu judulna Babalik Pikir. Samsoedi téh salasaurang pangarang anu sohor dina kurung-karang bacaan pikeun barudak. Harita, Samsoedi nulis novél bacaan barudak nu eusina nyaritakeun Si Eméd, budak nu bahula ka kolotna. Pangna Si Eméd kitu téh lantaran katitén aya kahayang atawa pangabutuh dirina nu teu kacumponan. Ngaliwatan Babalik Pikir, Samsoedi téh bisa dianggap hayang nepikeun conto ka barudak nu jadi sasaran dina ieu novél, yén naon nu tumiba ka Si Eméd téh kudu jadi eunteung, sangkan ulah jadi budak bedegong. Salian ti éta, amanat nu hayang ditepikeun ku Samsoedi téh nya éta ulah heureut pikir dina nyokot kaputusan. Éta novél téh jadi panggeuing ka nu maca sangkan jadi budak nu bisa ngajénan tur surti kana kaayaan kolotna. Dina novél Babalik Pikir, katimbang aya pangabutuh tokoh nu teu kacumponan. Pangabutuh téh hiji hal nu moal leupas tina kahirupan manusa. Saéstuna, unggal manusa nu kumelendang di alam dunya bogaeun pangabutuhna séwang-séwangan. Pikeun ngahontal éta pangabutuhna, réa jalma anu ngahalalkeun rupining cara bari teu dipikir deui naha jalan nu dicokotna téh bener atawa salah. Potrét kajadian nu kaalaman ku Si Eméd salaku tokoh utama dina novél Babalik Pikir mémang réa kajadian di Indonésia. Budak nu bedegong, wangkelang ka kolotna saupama pangabutuhna teu kacumponan loba nu milampah hal-hal anu dianggap bisa nyumponan pangabutuh manéhna, bari teu dipikir deui bener atawa salahna. Aya ogé anu nepikeun ka luluasan maténi indung bapana lantaran teu dicumponan kahayangna. Hal éta katitén tina warta- warta anu kabaca ku urang salila ieu. Salasahijina kajadian di Tangerang (16/2/2017), Dimas (18) anu téga luluasan maténi indungna (Titin Nurbaiti, 50 brought to you by CORE View metadata, citation and similar papers at core.ac.uk provided by Repository UPI